Simkuring nulis ieu ngan sauukur dadasar tina tetempoan simkuring sapopoe jeung sababaraha kajadian nu pernah kaalaman ku simkuring. Prespekti(naon basa sunda na nyak ???) simkuring nu dipake oge ngahaja sa sempit-sempitna, ngahaja ngarah bisa leuwih focus(ieu ge naon bahasa sunda na ??)
Inget keur jaman SD mula, diajarkeun dina IPS yen kabutuhan jelema teh aya nu disebut kebutuhan primer, kebutuhan sekunder, jeung kebutuhan tersier. Tina pelajaran IPS oge dibere nyaho yen kebutuhan primer jelema teh sandang, pangan jeung papan, tapi beuki kadieu asanateh beuki rea nu bisa jadi kebutuhan primer teh, pendidikan, kesehatan, komunikasi jeung informasi jeung sajabana deui, kabutuhan sekunder jeung tertsier ? ah teu kudu dibahas ayeuna eta mah hoream ngetikna.
Tah bangsa urang jaman kiwari teh ceunah keur ripuh, ceuk warta-warta mah gara-gara BBM naek jumlah warga miskin ngilu naek oge. Cik ah dina raraga PPJN ( pupujieun ) irvanism ngilu mikiran kaayaan ieu.
Bedakeun wong cilik jeung wong licik.
Omongan eta diucapkeun ku urut gubernur DKI Sutiyoso, ditilik-tilik bener oge. Ditukageun imah simkuring kaasup daerah (nu ceunah miskin). Mun usum pencairan BLT rea pisan jelema nu ngantri nepi ka antriana panjang , rea oge motor nu parkir, malahan aya nu ngantri bari sms an, tamba kesel ngantri ceunah mah. Ditilik teh handphone na make N 73. Great !!!!
Dina raraga penggantian kompor minyak ka kompor gas, (simkuring yakin ieu maksudna jang warga miskin nu masih keneh make kompor minyak ambeh teu kudu ngaluareun duit jang meuli kompor gas) tatangga sabeulah simkuring ngilu kabagean, bari jeung mobilna teh Honda Jazz. Simkuring mah saking keuheul na ngaluarkeun 20 rebuan tuluy di kana amplopkeun. Pun Bapa kuat ka bingung “jang naon Pan ?”. “Pa ieu jang zakat fitrah ka tatangga sabeulah, bisi engke wanci na kapohokeu.n urang teh piraku ngantep keun aya tatagga nu sangsara, tingali atuh kompor wae milu daptar”.
Didieu simkuring kapikiran nu kudu dijieu teh lain Program Pengentasan Kemiskinan. Kahiji asanateh teu mungkin jelema miski dileungitkeun nu mungkin mah jumlah na di minimalkeun. Nu kadua na miskin jeung henteu miskin mah kumaha rarasaan. Nu boga Honda Jazz ge masih keneh ngarasa miskin. Jadina (ide) Program nu bakal dijieun ku Irvanism teh dibere ngaran “program pengentasan rasa kemiskinan”.
Apal sugan carita pangajuan anggaran jang meuli mesin cuci anggota2 DPR babaraha taun kamari..
Dicontoannana kitu sih.
Jadi inget omongan si Ikun harita. Ayeuna-ayeuna rakyat nu demo teh gogoakan menta harga BBM diturunkeun. Bari teu saeutik nu di antara pendemo, unggal mingguna bolak-balik Jkt-Bdg ngan saukur jang meuli baju jeung calana di Factory-factory outlet di Bandung.
Jigana mah engke-engke nu demo teh jelema-jelema beunghar menta harga mobil Jaguar jeung harga stick Honma bintang 4 diturunkeun.
huehuehuehuehuehue….
amit mundur!
Urang mah daek demo diajakan demo mun stick Ping nu diturunkeun. Honma mikir2 dulu ah
Heuehuehuehue… enya mang.
Tungtungna mah “Kumaha Kokod”…!!
walah…jaman ayeuna mah kabeh ge tos salah kaprah, boh nu demo boh nu didemo sarua wae …salah kaprah…BLT, konversi minyak tanah ka gas komo deui, jalma jaman kiwari beuki sarakah…teu tebih2…rencang di kantor nu tingkatana tos vice president (pais presiden) ngajakan meuli apartemen subsidi, ari ceuk sim kuring teh, “Pa, sanes eta mah kanggo jalmi nu penghasilana maksimum 4,5 juta rupia?”, si bapa nembalan, “ah bisa ko diakalin, developer juga pengen cepet laku barangnya”. Tur ditambihkeun ku si bapa teh, “kita kan cuman pengen investasi…”. Jadi we si bapa teh nyandak 2 unit apartemen kanggo rakyat menengah ka handap eta…
Ti kasus eta sim kuring ningali fenomena jalma teh geus nyokot bagian nu lain bagianana, ngahalalkeun sagala cara mah siga nu geus lumrah we didieu mah.
pokona mah urang asa geus ditipu ku pelajaran pendidikan moral pancasila nu ayeuna jadi ppkn tea…manusa endonesia nu ramah tamah gotong royong jeung sajabana teh ngan tai pedut…
Hehehe… satuju sareng analisis kang Pesur.
urang mah keur nungguan konversi kompor gas ku kompor nuklir, tabung gas 3 kg na diganti ku fuel cell.. sugan loba nu ngabeledug!!! pan loba oge tah nu paeh. saterus na mah.. geus pasti….
hidup FALLOUT !!!!
teu sanggup euy requirement na
FALLOUT hiji requirement na ngan make PII oge bisa jalan mang !!