Rancabali, 1999
Geus jadi kabiasaan mun beres evaluasi peuting dina acara Diklat Unit SAR Unpad , barudak panitia jeung senior-senior laina ulubiung ngacapruk bari cacapluk, ngumpul ngadeukuetan seuneu nu jadi sumber kehangatan.
Apal sugan meureun ? Unpad tea barudak sunda anu nyunda na loba pisan, keur mah ari nu ngiluan Unit teh lalakina leuwih loba tibatan awewena ( tah ieu salahna simkuring milih organisasi, kudunamah miluan lises, tapi no regret ! ) jadi na obrolan the rea pisan ku basa sunda loma.
Tah dina wancina kieu aya wae jelema lain urang sunda anu sok hayang bisa gaul make basa sunda, sagala ditanyakeun, tiap kali dek ngomong pasti nanya itu ieu basa sunda na naon. Jelema eta the ngarana Abdul, asal ti bukit tinggi.
Tah ari geus lila lila teuing mah pan urang urang na oge kesel, keur mah geus mulai tunduh, sakalina mun aya carita gossip nu rame pasti kapotong ku pananyaan si Abdul.
Komo pas wancina dek sare, manehna neangan kaos kaki, nanya “ari kaos kaki basa sundana naon ?”, nyokot sleeping bag nanya “basa sunda na naon ?”…..”kantong molor” ceuk simkuring sangeunahna.
Tah sanggeus sakabeh ngampih kanu tenda, simkuring geus ngalenggut, si Bedul ngageuingkeun simkuring, katempona mah gahajakeun bari tuluy ngomong “Aduh celana urang can dimasukin euy, eh celana bahasa sunda nya apa ….? “ bari nyerengeh asa kubangga bisa ngaganggu katenangan batur. Sing sumpah harita mah simkuring ngarasa ngobrol rebut tawar jeung tukan buku di Palasari, nya logatna, nya pikakeuheuleuna. Kudu dibere pengertian mendalam ieu jelema teh !
“Ini teakhir ya Dul, celana bahasa sunada-nya kanjut, tapi itu mah nggak sopan, kamu udah tau kan kalo bahasa sunda ada tingkatannya” ceuk simkuring bari lilir bari beugeut serious nempokeun kakeuheul ka si Abdoel.
“Kalo bahasa sopannya mamas, udah sekarang Aep mau molor dulu”.
……….
Sanajan keur diklat, ( da kabeneran deukeut ka kampung oge) ari masalah ibadah mah kudu di nomer hijikeun. Kabeneran poe jumaah, wancina jumaahan sakabeh barudak, boh siswa, boh senior, ngabring ka tajug, caritana dek jumaaha bareng jeung warga lembur didinya oge.
Keur anteng-anteng na ngantri wudlu, si bedul ieu nyelengkeung bari hayang pamer kabisa basa sunda “Aep maneh naha sholat make mamas kotor……….. ?” Waduh….keur mah rea warga lembur didinya , katambah deuih loba siswa, Image…..image……. Anu teu ngeuna, aya bapa-bapa tukangeun simkuring ngaharewos
“cep upami bade junub mah ka palih pengker we atuh, dipengker mah pancurana aya pantoan”.
Huehueuhehueuehuehuehuehuehue…… PARAAAAHHHHH..!!!!!
Bwahahahahaha…. Junub dinu paragi wudlu..
Asli, asa can pernah ngadenge nu iyeu mah.
Nepi teu eureun2 cakakak kieu maca 2 alinea panungtung… Gobs!!
Eta bapa-bapa mani aya ku pengertian ka didinya make ngaharewos sagala.
Huehuehuehuehuehue… Geriing Mang…. Geriiiing..!!
Selalu ada kejutan di irvanism
Akhirnya!!!!! maju terus, kang Aepp!!!!!!
alahhh geuning kang aep teh meni tiasaan ngabodorna…hahaha
Hatur nuhun Qi…., tapi pribas mah rumaos langkung seueur ka teutiaasaana
Sareng langkung sae eta cariosan QQ teh disimpen kangge tiasa dicarioskeun ka jalmi nu langkung tepat….. sapertos Tukul….
“cep upami bade junub mah ka palih pengker we atuh, dipengker mah pancurana aya pantoan”.
jigana si bapa oge geus sering…